Pangandaran LHI
H Adang Hadari anu sering di seubat Bapak kolot salaku
Mantri Suntik nu linggih di Desa Cibenda Kacamatan Parigi Kabupaten
Pangandaran, nguningakeun ka sadaya wargi Kabupaten Pangandaran dina leresan
sasih saom tur urang sadaya nuju aya cocobi ku nyialarana wabah Covid-19.
“Ka dulur-dulur batur salembur, ka baraya nu anggang,
sugri wargi anu nuju ngalaksanakeun ibadah saom, mugia urang sadaya tiasa
kalebetkeun salah sawios hambana anu pinter syukur oge mampu sabar, kiwari
wancina urang kudu rempug jungkung sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot
sapihanean, sabata saharimbangan, saiya sakata, sairing sajalan sareng Pamarentah
dina ngajaga lembur, supados lembur urang dina masa kiwari leupas tina Virus
Corona.” unggelna H. Adang.
Lajeng H. Adang, mun teu ayeuna rek iraha, mun lain ku
urang rek ku saha, margi sapamadegan sim kuring ( salaku mantri suntik) yen
Virus teh teu acan aya obatna anu leres-leres tiasa maehan eta Virus, dina
ayana oge masih dina kajian, tapi sanes hartosna hiji panyakit anu teu tiasa
didamangkeun, hiji-hijina jalan anu tiasa ngalawan Virus nya eta kedah
ngiatkeun anti bodi, anti bodi mung aya dina diri urang, nu hartosna yen awak
urang kudu sehat, fit jeung bugar, supados anti bodi urang kiat jang ngalawan
Virus, ku jalaran kedah nuang tuangeun anu ngandung zat-zat anu bergizi (4
sehat 5 sampurna), ditambih ku olahraga sareng ngalaksanakeun sakumaha himbauan
Pamarentah ti Pusat dugi ka Daerah.
H. Adang nguningakeun, Ayeuna urang sadaya umat muslim
sadunya nuju ngalaksanakeun ibadah saom atanapi nu sok disebat sasih sabar,
sabar dina ngalaksanakeun ibadah saom, sabar dina nyingkahan hal-hal anu
dicawad ku Alloh, sabar dina ngalaksanakeun hal-hal anu diparentah ku Alloh,
janten sabar teh kedah aya dina sagala sikap bari jeung ulah hilap ngado’a ka
Alloh SWT.
“Hareupan sim kuring, ayeuna lain wancina jang
pacental-cental basa, tapi wancina ngahijikeun rasa, ulah pasolengkrah
buleudkeun tekad jeung niat sasarengan ngalawan Corona, sabab Corona teu tiasa
dilawan ku sosoranganan atanapi kelompok leutik iwal ti kudu ningkatkeun ukuwah
beungkeutan tali mimitran antawis urang sinareng urang.
“Urang kudu silih aping, silih jaring, jeung silih
elingan, boh bilih aya carita nista nu kungsi kasorang di mangsa katukang,
urang gurat jagat dugi ka lebah dieu, ayeuna wancina neuteup ka hareup sangkan
Pangandaran tentrem ayem, kertaraharja jadi kanyataan, jang ngawujudkeun
cita-cita Pamekaran Kabupaten Pangandaran, sakitu nu kapihatur, dina luput
sinareng lepatna estu kabodoan sim kuring, dina leresna hakekatna ti Gusti
Alloh, hapunten anu kasuhun, jembar hampura anu di teda ti sadayana, dasarna ku
karumaosan, rumaos sim kuring suwung ku elmu anu luhung, pangabisa anu teu
sabahara, Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.” pamungkas cariosna H.
Adang. (Agus S)
0 Comments