DPRD OKU Selatan

DPRD OKU Selatan
Marhaban Yaa Ramadhan

Gerentes Mantri Suntik, Mugia Urang Sadaya Tiasa Kalebetkeun Salah Sawios Hamba Alloh anu Pinter Syukur Oge Mampu Sabar


Pangandaran LHI
H Adang Hadari anu sering di seubat Bapak kolot salaku Mantri Suntik nu linggih di Desa Cibenda Kacamatan Parigi Kabupaten Pangandaran, nguningakeun ka sadaya wargi Kabupaten Pangandaran dina leresan sasih saom tur urang sadaya nuju aya cocobi ku nyialarana wabah Covid-19.
“Ka dulur-dulur batur salembur, ka baraya nu anggang, sugri wargi anu nuju ngalaksanakeun ibadah saom, mugia urang sadaya tiasa kalebetkeun salah sawios hambana anu pinter syukur oge mampu sabar, kiwari wancina urang kudu rempug jungkung sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, sabata saharimbangan, saiya sakata, sairing sajalan sareng Pamarentah dina ngajaga lembur, supados lembur urang dina masa kiwari leupas tina Virus Corona.” unggelna H. Adang.
Lajeng H. Adang, mun teu ayeuna rek iraha, mun lain ku urang rek ku saha, margi sapamadegan sim kuring ( salaku mantri suntik) yen Virus teh teu acan aya obatna anu leres-leres tiasa maehan eta Virus, dina ayana oge masih dina kajian, tapi sanes hartosna hiji panyakit anu teu tiasa didamangkeun, hiji-hijina jalan anu tiasa ngalawan Virus nya eta kedah ngiatkeun anti bodi, anti bodi mung aya dina diri urang, nu hartosna yen awak urang kudu sehat, fit jeung bugar, supados anti bodi urang kiat jang ngalawan Virus, ku jalaran kedah nuang tuangeun anu ngandung zat-zat anu bergizi (4 sehat 5 sampurna), ditambih ku olahraga sareng ngalaksanakeun sakumaha himbauan Pamarentah ti Pusat dugi ka Daerah.
H. Adang nguningakeun, Ayeuna urang sadaya umat muslim sadunya nuju ngalaksanakeun ibadah saom atanapi nu sok disebat sasih sabar, sabar dina ngalaksanakeun ibadah saom, sabar dina nyingkahan hal-hal anu dicawad ku Alloh, sabar dina ngalaksanakeun hal-hal anu diparentah ku Alloh, janten sabar teh kedah aya dina sagala sikap bari jeung ulah hilap ngado’a ka Alloh SWT.
“Hareupan sim kuring, ayeuna lain wancina jang pacental-cental basa, tapi wancina ngahijikeun rasa, ulah pasolengkrah buleudkeun tekad jeung niat sasarengan ngalawan Corona, sabab Corona teu tiasa dilawan ku sosoranganan atanapi kelompok leutik iwal ti kudu ningkatkeun ukuwah beungkeutan tali mimitran antawis urang sinareng urang.
“Urang kudu silih aping, silih jaring, jeung silih elingan, boh bilih aya carita nista nu kungsi kasorang di mangsa katukang, urang gurat jagat dugi ka lebah dieu, ayeuna wancina neuteup ka hareup sangkan Pangandaran tentrem ayem, kertaraharja jadi kanyataan, jang ngawujudkeun cita-cita Pamekaran Kabupaten Pangandaran, sakitu nu kapihatur, dina luput sinareng lepatna estu kabodoan sim kuring, dina leresna hakekatna ti Gusti Alloh, hapunten anu kasuhun, jembar hampura anu di teda ti sadayana, dasarna ku karumaosan, rumaos sim kuring suwung ku elmu anu luhung, pangabisa anu teu sabahara, Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.” pamungkas cariosna H. Adang. (Agus S)

Post a Comment

0 Comments